New Update
Informasi Baru By Saepul_B on 08 Nopember 2016 [ 10:08 AM ] Informasi Baru bahwa situs saya bisa diakses melui domain www.sa...[ Selengkapnya ] |
Menampilkan semua kategory Cerita
Hiji poé Si Kabayan jalan-jalan.
Manggih
tangkal nangka di kebon batur. Nangkana geus aya nu asak. Si Kabayan kabitaeun. Atuh térékél wé naék kana tangkal nangka. Nangka nu geus asak téa diala, terus dipurak dina luhur tangkal. Keur kitu torojol nu bogana. Si Kabayan digebah. “Hoyah, Si Kabayan maling nangka!” “Henteu, da,” témbal Si Kabayan. “Éta geutahna dina biwir, rapet?” “Henteu, da diminyakan,” témbal Si Kabayan deui. Tamat waeh hehe
[Read More]
1 Comments
Cék Ninina, “Kabayan ulah
héés beurang teuing,
euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala
tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.” Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?” Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura. Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna.... »»»
[Read More]
Isuk kénéh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang,
lantaran poé éta rayahat rék moro uncal. Urang kampung geus saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkéng, bedog panjang nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung. Nénjo batur saraged téh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah ngaléléké, maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso raut. “Keur naon mawa péso raut, Kabayan?”.... »»»
[Read More]
Dongeng Sunda Si Kabayan HitutAnggapan
Walanda hitut teh kasehatan. Lamun teurab, teu sopan. Kocapkeun Si
Kabayan hayang ngabuktikeun eta perkara. Pok nyarita ka babaturanana; "Cenah ku urang Walanda mah hitut teh dipuji dibagus-bagus. Lamun teurab dianggap teu sopan ?"."Ari kitu maneh rek kumaha?" ceuk babaturanana. "Kuring rek ngabuktikeun bener henteuna, kabeneran di urang aya Walanda kontrak,". ceuk Si Kabayan.
Enya bae, sorena Si Kabayan katembong leumpang babarengan jeung Tuan Walanda.... »»»
[Read More]
Geus jadi kabiasaan Jang Ahmad, sobat salakina, unggal wancina
dahar beurang sok datang ka imah Nyi Ipah ngadon milu dahar.
Keur jaman kiwari nu sagala serba mahal mah puguh we sagala teh kudu dirit-irit, kukituna kadatangan Jang
Ahmad teh malah jadi nambahan beban kaluarga Nyi Ipah.
Dina hiji beurang kurunyung Jang Ahmad datang ka imah Nyi Ipah.
Jang Ahmad :"Kumaha Nyi wartosna.... damang ?" ceuk Jang Ahmad bari basa-basi
Nyi Ipah :"Sae kang..." bari rada bendu
Jang Ahmad :"Pami Kang Dadangna.... »»»
[Read More]